JAMPE-JAMPE (SASTRA LAMA)
Jampe Panas
Bismilahiromanirohim
Tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng
Ceup tiis
(Dibaca 3X)
|
Nyarang Hujan
Bismilahiromanirohim
Nini raspati jaya ning angin
Embah buyut jaya ning kusumah,,,
(Bari nahan nafas 7X)
|
Jampe Nguseup
Nini beutekuk hulu
Aki betekuk hulu Nu mondok di gowok cadas Sor blenong
(Dibaca 3x)
Kirim aing cacing kuning Tali na rantay emas Jol aing jol sia Ah lauk
(Dibaca 3x)
|
Jampe Arateul Alatan Tangkal Anu Merang
Bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal Di ala ku sang kuda putih Hurip Waras |
Singlar Lamun Arek Sare
Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara, nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palias.
|
Singlar Anu Jail Kaniaya
Dipager ku Sang Rumuhun Ku Ratu anu ngajajar Nay Ratu anu ngajejer Anu ngajajar dina karang Anu ngajejer dina lawang Manusa tinggal ngadeg |
Jampe Nyeri Beuteung
Peujit pabeulit puseur pacangreud Dibeungkeut ku tali kincir Dikeureut ku hinis putih Tiis dingin tali purna Hurip waras Hurip waras Hurip waras Waras hurip! |
Jampe Nu Gering
Asl cai anu putih Lain cai anu putih Ngaguruntul geus jadi balung Ngagerentel geus jadi hate Ka luhur embun-embunan Ka handap jadi sari jadi rasa Adi Sari Mangun Rasa |
Asihan
Asihan sabeulit bumi
Asihan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu (....)
Mang kawelas, mang ka asih
Raat asih ka badan awaking
|
Sirep (Jangjawokan)
Sirep hyung sirep maung
Sirep buta reuwah-euwah
Cau hujung tutulisan
Musuh-musuh ulah tunduk
Musuh keyang ulah datangKu ngaliwatna kawula macan anu keur leumpang
Mantak gek lepo siah musuh handapeun aing
Bayu lingis, bayu rempeuh
Bayu rangkupak-rangkopek
Leuleus siah musuh handapeun aing
|
Asihan Mandi
Bismillah, syahadat ka kanjeng Rasul
Cur nyuhcur, cahayaning
RosulGumilang cahayaning
Muhammad
Herang caina ti kodrat
Allahu, yaa Alllahu (3 kali)
Cuuur, Cuuur, Cuuur
|
Jangjawokan
Deungdeuleu sima deuleu
Deungdeuleu malik katineung
Nenjo aing sia ceurik
Ceurik sia inget ka aing
Nya aing nu boga asihan neuleu
|
No comments:
Post a Comment